DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

menunavngampar

Selasa, 09 Maret 2021

RENCANA PTS - SUNDA 12

1.       Ari tulisan essey nu dijieun dumasar kana fakta, atawa data anu nyata ngeunaan hiji pasualan disebut ….

a.       Dongeng

b.       Babad

c.       Artikel

d.       Warta

e.       Bewara

2.       Ari anu disebut fakta teh nyaeta ….

a.       Beja anu salah

b.       Beja anu bener

c.       Kajadian anu nyata

d.       Kajadian anu direka

e.       Teu aya jawaban anu leres

3.       Ari karangan anu diwuwuhan ku alesan-alesan disebutna ….

a.       Argumentatif

b.       Naratif

c.       Eksposisi

d.       Persuasif

e.       Deskriptif

4.       Ari karangan anu eusina mangrupa pangajak pikeun ngalakukeun hiji perkara anu dianggap mangfaat, nyaeta karangan ….

a.       Argumentasi

b.       Narasi

c.       Eksposisi

d.       Persuasi

e.       Deskripsi

5.       Perhatikeun tulisan di handap ieu ….

TAHAJUD

Tahajud nyaeta Hudang peuting tina sare pikeun migawe sholat kadang mah sok diliwat ku kalolobaan jalma kalawan sagala rupa macem alesan, misalna bae kusabab tunduh, cape tas gawe, talangke, jeung lain sajabana. Aya oge nu alesan keun bae da aya isuk deui.

Padahal mah tahajud teh ngabogaan mangpaat nu alus keur ngubaran hate urang tina rereget dosa. Nu mana lamun urang tahajud kucara hudang peuting, terus ka cai pikeun wudlu, diteruskeun kana sholat bisa jadi nu matak mawa kana leahna hate nu ngabalukarkeun gampilna ngenclakeun cimata. Anu mana cimata peuting matih kana ngundang pangampurana pangeran.

Tahajud teh nyaeta ….

a.       Hudang peuting

b.       Sare peuting

c.       Sholat peuting

d.       Ubar hate

e.       Wudlu peuting

6.       Ari anu dimaksud ngenclakeun cimata teh nyaeta …

a.       Ceurik

b.       Seuri

c.       Sare

d.       Kapeureumpeunan

e.       ngalindur

7.       Ari kecap ‘tunduh’ teh nyaeta rasa nu ngajurung kana hayang....

a.       dahar

b.       nginum

c.       sare

d.       indit

e.       mandi

8.       Perhatikeun ucapan di handap ieu!

Jang Romli ..(1).. asup ka kamarna ..(2).. dina luhur kasur terus ..(3).. peureum.

Kecap panganter nu pas runtuyanana nyaeta....

a.       bus - goledag - reup

b.       goledag - reup - bus

c.       reup - bus - goledag

d.       reup - goledag - bus

e.       goledag - bus - reup

9.       Titenan tulisan di handap ieu ....

DLUHA

Dhuha nyaeta sholat isuk-isuk dina mangsa meletekna panonpoe, sok loba kapopohokeun ku kalolobaannana jalma ku sabab kasibukan sewang-sewangan. Dhuha nu dilakonan dina kira-kira tabuh 06:15 isuk-isuk nepika kurang leuwih tabuh 11:00, nyempil dina waktu anu cenah kagok ngagokan gawe.

 

Sok padahal, dhuha teh hiji bentuk ibadah sholat sunat anu pahalana sakitu mundelna. Sholat dhuha dua roka'at bisa ngabandingan kana syukur nikmat anu dipaparinkeun ku Alloh SWT. Hiji nikmat nu teu karasana dina harti kapopohokeun, nyaeta nikmatna sehat anggahota badan. Ku sholat dhuha dua roka'at, bubukuan nu aya dina saligar awak disyukuran tawis ngahaturkeun nuhun Ka Alloh kana sehatna awak. Sajaba ti eta, sholat dhuha teh matak narik-narik kana rezeki, sok padahal nu pang utamana mah karidona Alloh SWT.

 

Sholat dluha teh nyaeta ....

a.       Sholat sore-sore

b.       Sholat peuting-peuting

c.       Sholat bulan puasa

d.       Sholat tanggal hiji syawal

e.       Sholat isuk-isuk

10.   Sholat Dluha teh hiji cara kana syukur kupedah ....

a.       Pahala sakitu mundelna

b.       Kapopohokeun

c.       Sehat anggahota badan

d.       Meletek panonpoe

e.       Kasibukan sewang-sewangan

11.   Carita pantun teh nyaeta salah sahiji seni buhun anu ditembangkeun kalawan dipirig ku ....

a.       Kendang

b.       Suling

c.       Goong

d.       Kacapi

e.       Rebab

12.   Ari jalma nu sok mantun disebutna ....

a.       Juru tulis

b.       Juru pantun

c.       Dalang

d.       Sinden

e.       Alok

13.   Dina papasingan carita pantun, aya anu disebut Monolog. Monolog teh nyaeta ....

a.       Paguneman dua jalma

b.       Nyarita sorangan dina jero hate

c.       Panganter protokol

d.       Panutup carita

e.       Pamuka carita

14.   Perhatikeun conto carita pantun lutung kasarung di handap ieu!

Kangjeng Raja kagungan putra tujuh,
putrana téh istri sadayana.
Anu cikal jenenganana Purbararang,
anu kadua Purbaéndah,
anu katilu Purbadéwata.
anu kaopat Purbakancana
anu kalima Purbamanik.
Nu pangais bungsu Purbaleuwih.
Ari bungsuna, Purbasari Ayu Wangi.

Lamun tea kanjeng raja putrana tujuh, cikal nu kahiji, bungsu nu katujuh, maka pangais bungsu eta teh murangkalih anu ka ....

a.       5

b.       4

c.       3

d.       2

e.       6

15.   Ari lutung teh nyaeta ....

a.       Hayam leuweung

b.       Munding leuweung

c.       Monyet hideung

d.       Biruang

e.       Panda

16.   Dina carita pantun lutung kasarung teh bet kapentang asmara kunu jadi ....

a.       Uyutna

b.       Adina

c.       Lanceukna

d.       Indungna

e.       Ninina

17.   Ari kecap kasarung teh sarua hartina jeung kecap ....

a.       Kabeungkeut

b.       Linglung

c.       Samping

d.       Katalian

e.       Kabarengkos

18.   Ari lutung kasarung teh boga ngaran nyaeta ....

a.       Guru Minda

b.       Aki Panyumpit

c.       Sunan Ambu

d.       Gunung Cupu

e.       Purbasari

19.   Perhatikeun carita pantun di handap ieu !

Aki Panyumpit indit ka leuweung,
mawa sumpit jeung paserna,
nyoréndang koja si déngdék poé.
Datang ka leuweung, teuing ku anéh,
henteu manggih sasatoan hiji-hiji acan.
Taya banténg, uncal, atawa mencek,
malah taya landak-landak acan.
Lutung anu biasana patinggurayang,
harita mah teu kadéngé sora-sorana acan.

Ari parabot nu disebut sumpit teh dijieunna tina ....

a.       Kai

b.       Cai

c.       Taneuh

d.       howe

e.       Awi garang

20.   Ari cara make sumpit nyaeta ku cara ....

a.       Dibubat babet

b.       Dialung-alung

c.       Ditojos-tojos

d.       Ditajong

e.       Ditiup

 

Rencana PTS - Sunda 11

1.     Inpormasi ngenaan hiji kajadian disebut …

a.     Warta

b.     Dongeng

c.     Carita

d.     Sisindiran

e.     Pupuh

2.     Salian tatalepa sacara lisan, hiji inpormasi bisa oge dipidangkeun ngaliwatan ….

a.     Media citak jeung elektronik

b.     Media citak teu bisa elektronik

c.     Media elektronik teu bisa media citak

d.     Radio teu bisa ku TV

e.     Teu aya jawaban nu bener

3.     Ari jalma nu ngalaporkeun hiji berita, eta teh mangrupakeun tugas nu profesina ....

a.     Dalang

b.     Sinden

c.     Artis

d.     Wartawan

e.     Biduan

4.     Ari dina nepikeun informasi teh aya rumus 5W+1H. Diantara nyaeta HOW. Maksudna nyaeta dina hiji kajadian teh ....

a.     Aya saha nu dibejakeun

b.     Dimana tempatna

c.     Iraha waktuna

d.     Naha make bet dibejakeun

e.     Kumaha lumangsungna

5.     Ari ngainformasikeun teh boga tujuan. Nu lain kaasup tina tujuan ngainformasikeun teh nyaeta ....

a.     Nepikeun beja

b.     Maseakeun

c.     Ngajak

d.     Iklan

e.     Promosi

6.     Zaman canggih saperti kiwari, nepikeun beja teh bisa ku ....

a.     Koran

b.     Majalah

c.     Televisi

d.     Radio

e.     Kabeh bener

7.     Kecap-kecapan nu maca berita dina bubuka nyaeta .....

a.     Pamiarsa, sakitu anu kapihatur. Cag.

b.     Pamiarsa, wasit nu mingpin ieu pertandingan teh didatangkeun ti india.

c.     Pamiarsa, palatih di dua kasabelasan geus ngagembleng para pamaenna.

d.     Pamiarsa dimana wae ayana, tepang deui sareng sim abdi dina acara “Info Yapista”.

e.     Pamiarsa kaum dangu, nembe kabandungan aya pamaen nu digentos.

8.     Beja nu ditepikeun ku ditompokeun kana cepil hiji jalma disebutna ....

a.     Nyorowok

b.     Ngajerit

c.     Ngaharewos

d.     Ngoceak

e.     Nyentak

9.     Ari harewos nu kadenge ku batur ceuk paribasa mah nyaeta ....

a.     Harewos bojong

b.     Harewos tanjung

c.     Harewos bohong

d.     Harewos tarik

e.     Harewos dulur

10.  Meje beja ku cara ngobrol jarak jauh, alat nu dipakena nyaeta ...

a.     Pulpen

b.     Kertas

c.     Telepon

d.     Coet

e.     Mutu

11.  Carita rekaan (fiksi) nu panjang caritana tur loba bagiannana lila mangsa anu kacaturna disebutna ….

a.     Novel

b.     Tembang

c.     Lagu

d.     Pupuh

e.     Carpon

12.  Dina carita fiksi sok aya unsur-unsur intrinsik jeung ektrinsik. Nu kaasup unsur ekstrinsik di handap ieu nyaeta ….

a.     Tema

b.     Amanat

c.     Jejer

d.     Kasangtukang pangarang

e.     Galur

13.  Ari anu dimaksud ku amanat dina unsur carita nyaeta ….

a.     Ide pokok eta carita

b.     Tatalah moral anu hayang ditepikeun ku pangarang ka pamaca

c.     Posisi pangarang dina eta carita

d.     Settingan tempat, kaayaan kumaha dina eta carita

e.     Gaya basa anu dipake ku pangarang

14.  Ari palaku dina hiji carita, lamun karakterna bageur diistilahkeunnana nyaeta ….

a.     Antagonis

b.     Tritagonis

c.     Figuran

d.     Protagonis

e.     Kontragonis

15.  Perhatikeun sempalan carita di handap ieu ….

Prasasti nu Ngancik dina Ati

(Popon Saadah)

 

Basa kuring keur ngaderes “Bumi jeung Manusa” di rohang tamu, teu kanyahoan asupna, nyaho-nyaho Prasasti geus ngajentul diuk hareupeun.

“Éta téh buku énggal?" Tanya manéhna.

“Yup!”

“Iraha mésérna? Teu wartos-wartos!”

“Pamasihan.”

“Pamasihan saha?”

Teu dijawab.

“Ooh pamasihan tamu nu kamari ka dieu téa?”

Manéhna ku kuring ukur dirérét.

“Naha bet masihan cenah? Boa-boa ada udang dibalik buku!”

Kuring cicing. Tuluy pédah ku kuring diantep meureun, diukna pindah ka gigireun. “Naha teu nyarios ka Pras atuh, Rin peryogi buku nu kitu. Teu burung dipangmésérkeun.” Manéhna mencrong kénéh.

“Da Rin mah teu nyuhunkeun ka Fauzan ogé. Manéhna ujug-ujug masihan,” kapaksa kuring némbalan. Gandéng ku tetelepékna.

“Mani perhatian pisan nya Si Manéhna téh geuning!” cenah deui.

“Ya… gitu déh,” ngajawab téh asal engab.

“Sering masihan bukuna?”

“Mun manéhna sering masihan, badé kumaha? Mun manéhna langka masihan, badé kumaha?” Bari panon mah anteng kana bacaan.

“Ati-ati. Ulah asal nampa kitu waé!”

 

Prasasti nu aya dina carita diluhur teh nyaeta …

a.     Ngaran monumen

b.     Ngaran jalmi

c.     Batu tulis

d.     Batu kawali

e.     Batu astana gede

16.  Ari pangarang carita di luhur teh nyaeta ….

a.     Prasasti

b.     Ngancik

c.     Fauzan

d.     Rinrin

e.     Popon Saadah

17.  Dina carita diluhur aya kecap tetelepek, hartina nyaeta sagala rupa ….

a.     ditembongkeun

b.     surad-sered

c.     disumputkeun

d.     ditanyakeun

e.     dipentaan

18.  Paribasa “Ada udang dibalik batu” maksudna nyaeta ….

a.     Aya nu nyumput ditegrakeun

b.     Udang gede batu leutik

c.     Aya maksud nu disumputkeun

d.     Batu gede udang leutik

e.     Aya udang katindihan batu

19.  Ari Bahasa loma tina kecap “pamasihan” nyaeta …

a.     Pamere

b.     Pamajikan

c.     Pamenta

d.     Paeukeuran

e.     Panujuan

20.  Ari kecap ‘reret’ teh nyaeta ….

a.     Ninggal mencrong

b.     Ninggal ku juru panon

c.     Ninggal bari ngabalieur

d.     Ninggal bari ngalieuk

e.     Ninggal bari tungkul

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

×
Judul