DRgrtea

Alih Bahasa

English French German Spain Italian Dutch Russian Brazil Japanese Korean Arabic Chinese Simplified

menunavngampar

Senin, 08 Maret 2021

Rencana PTS - Sunda 10

1.       Hiji wangunan komunikasi lisan dua arah dina wangun tanya jawab, pikeun meunangkeun informasi ngeunaan tujuan nu geus ditangtukeun saméméhna. Nu kieu teh ngarana ....

a.       Wawancara

b.       Sisindiran

c.       Sajak

d.       Tatarucingan

e.       Drama

2.       Dina mangsa urang bade wawancara, tumaras tumaros ka hiji jalmi, kedah aya persiapan teknis heula anu meryogikeun alat-alat. Utamina 3 alat utama, salian ….

a.       alat perekam

b.     alat komunikasi

c.     alat tulis

d.     alat ngukur

e.     teu aya nu leres

3.     Dina ngalaksanakeun wawancara aya anu disebut sasadu. Ari sasadu teh nyaeta ….

a.     Menta dijawab

b.     Menta ngaran

c.     Menta hampura

d.     Menta alamat

e.     Menta waktu

4.     Dina wawancara aya basa nu kudu make undak usuk. Dari undak usuk dina basa Sunda teh maksudna nyaeta …..

a.     Tarik alon sorana

b.     Lemes kasar basana

c.     Gancang lendo omongna

d.     Rengkah rengkuh awakna

e.     Teu aya waleran nu leres

5.     Dina prakna wawancara, naroskeun padamelan ka nara sumber ku ucapan ….

a.     Gawe maneh naon?

b.     Damel sia teh naon?

c.     Damel salira teh naon?

d.     Naon ari damel pangersa?

e.     Naon ari gawe bapa teh atuh?

6.     Ari nara sumber dina wawancara teh nyaeta ….

a.     Anu nanya

b.     Alat tanya

c.     Anu ditanya

d.     Waktu nanya

e.     Tempat nanya

7.     “Bapa anjeun keur kamana?”. Dina lemesna basa diucapkeun jadi ….

a.     Rama anjeun keur kamana?

b.     Rama maneh nuju kamana?

c.     Tuang rama nuju kamana?

d.     Pun bapa nuju kamana?

e.     Bapa salira keur kamana?

8.       Perhatikeun hal-hal di handap ieu.

1)      pangaweruh ngeunaan topik wawancara.

2)      profil umum (karakter) nu ngawawancara.

3)      kaparigelan ngawawancara

4)      etika wawancara

5)      perjanjian sareng nu ngawawancara.

6)      pertarosan sacara runtut ( tina hal nu umum kanu khusus atawa sabalikna).

Nu lain perkara nu diperhatikeun pikeun wawancara di luhur nyaeta ….

a.       Poin 2). jeung 5)

b.       Poin 1). jeung 2)

c.       Poin 3). jeung 4)

d.       Poin 1). jeung 6)

e.       teu aya nu bener

9.       Dina wawancara aya unsur Who, maksudna nyaeta ….

a.       Saha nu terlibat dina berita

b.       Dimana Kajadianana

c.       Iraha dilakukeunana

d.       Kumaha kajadianana

e.       Naha make bet kajadian?

10.   Wawancara nu mangrupa bentuk nganyatakeun bener jeung henteuna berita nu tarima disebutna ….

a.       Konfirmasi

b.       Konfrontasi

c.       Diskusi

d.       Konsolidasi

e.       Kontradiksi

11.  Wanda carita anu ngandung ajén sajarah atawa raket hubunganana jeung sajarah, disebutna ….

a.       Biografi

b.       Sisindiran

c.       Fabel

d.       Dongeng

e.       Babad

12.  Perhatikeun pernyataan-pernyataan di handap ieu!

1). Maca naskah asli

2). Nyatet gagasan utama

3). Nuliskeun deui carita babad

4). Mariksa deui kotretan

5). Ngajual karya ringkesan

Lamun dititenan lengkah-lengkah di luhur, nu teu kaasup lengkah-lengkah nyieun ringkesan saenyana nyaeta ....

a.     (1)

b.     (2)

c.     (3)

d.     (4)

e.     (5)

13.  Aya dua hal anu kudu dipigawé dina nyieun ringkesan sangkan bisa mertahankeun eusi jeung pokok pikiran anu nulisna. Dua hal anu dimaksud teh nyaeta ....

a.     Nyusun deui ide-ide, teu kudu maham eusina

b.     Maham eusi, nyusun deui ide-ide

c.     Maham eusi, teu kudu nyusun deui ide-ide

d.     Teu kudu maham eusi, teu kudu nyusun deui ide-ide

e.     Teu aya jawaban nu leres

14.  Dina unsur carita babad, anu maneuh eusina sanduk-sanduk disebutna ....

a.     Klofon

b.     Palafon

c.     Teflon

d.     Alofon

e.     Henfon

15.  Titi mangsa hiji carita ayana dina bagian pamungkas. Ari anu dimaksud pamungkas teh nyaeta ....

a.     Panutup

b.     Panengah

c.     Pamuka

d.     Paturay

e.     Panineung

16.  Dina unsur ekstrinsik carita babad aya anu disebut biografi. Mana nu teu kaasup biografi di handap ieu .....

a.     ENGKOS KOSWARA, lahir tanggal 20 Juni 1965, di Cisarua, Bogor. Lulus ti SMP taun 1981 henteu bisa nuluykeun sakola lantaran kolotna ripuh teu bogaeun biaya, sanajan kitu Pa Engkos henteu putus asa.

b.     ALDA RIZMA ELFARIANI, LAHIR DI Bogor, 23 Nopémber 1982. putra cikal ti dalapan sadulur, ti pasangan Pa Farid Riza sareng Ibu Halimah. Saméméh umur 17 taun, karir Alda dina dunia musik geus melesat sakaligus kawas météor.

c.     Sudirman dibabarkeun  di Rembang, Bodas Karangjati, Purbalingga dina kaping 24 Januari 1916. Anjeunna nu ngabina TKR atanapi Tentara Keamanan Rakyat anu engkina jadi TNI atawa Tentara Nasional Indonesia.

d.     Ajip Rasidi, 1984, Undang-undang Hak Cipta 1982, Pandangan Seorang Awam, Djambatan, Jakarta.

e.     Cut Nyak Dhien dilahirkeun ti kaluarga bangsawan nu taat kana agama di Lamdinang, wilayah VI Mukim dina tahun 1848. Ramana nu namina Teuku Nanta Setia, mangrupi uleebalang VI Mukim, tur katurunan Machmoed Sati, nu ngumbara ti Sumatera Barat.

17.  Perhatikeun carita di handap ieu ….

 

SUKAPURA NGADAUN NGORA

Dina abad ka VII tepi ka abad XII pernah aya pamarèntahan anu jadi cikal bakal Tasikmalaya ayeuna, nyaèta Pamarentahan anu mangrupa Kabataraan. Pusatna aya di Galunggung.

 

Nu marèntah dina jaman harita nyaèta Batara Semplakwaja, katut kahandapna, aya Batara Kuncung Putih, Batara Kawindu, Batara Wastuhayu, jeung Batara Hyang. Teu lami ti harita, robah sebutan pamarèntahan tina Batara jadi Karajaan,

 

Kerajaan Galunggung, nu ngadeg 13 Bhadrapada atawa 1033 saka atawa 21 Agustus 1111, harita diparèntah ku Batari Hyang. Bukti data ieu dituliskeun dina batu tulis atawa Prasasti Geger Hanjuang.

 

Carita di luhur teh nyaeta nyaritakeun cikal bakal .....

a.     Bandung

b.     Cianjur

c.     Garut

d.     Bogor

e.     Tasikmalaya

18.  Baca deui carita nu aya dina nomer 17. Cikal bakal Tasikmalaya, pusat pamarentahannana aya di ....

a.     Rakutak

b.     Kamojang

c.     Darajat

d.     Galunggung

e.     Danau Ciharus

19.  Nitenan judul carita diluhur, Tasikmalaya teh asalna mah nyaeta …..

a.     Sukadaun

b.     Sukangora

c.     Sukapura

d.     Ngadaun

e.     Ngora

20.  Bukti data carita karajaan Tasikmalaya aya dina Prasasti Geger Hanjuang. Ari prasasti teh nyaeta ….

a.     Batu tulis

b.     Kai tulis

c.     Cai tulis

d.     Taneuh tulis

e.     Seuneu tulis

====

1.     Sebutkeun rupa-rupa wawancara anu anjeun terang!

2.     Sebutkeun 3 diantara tujuan tina wawancara!

3.     Aya 4 cara nyieun hiji riskeusan carita. Sebutkeun eta 4 cara teh!

4.     ..

5.     ..

=====

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Posting Populer

Duridwan TeA Google Arsip

Tampil Ful Skrin

Tampilan penuh layar

Klik tombol "Penuh" untuk mode ful skrin. Tutup dengan cara klik tuts "Esc" di kibot, atau dengan mengklik tombol "Normal" saja.

Penuh Normal

Materi artikel

×
Judul